Tepas

Rabu, 16 Februari 2011

Cik Atuhlah, Saha Ari Urang Sunda teh?

Hiji waktu nu geus kaliwat dina riungan para tokoh Urang Sunda jeung sawatara anggota DPRD Prop. Jabar basa ngabahas “milih pigupernureun/wagup Prop. Jabar”, ti antara anu hadir aya nu nanyakeun ka anggota DPRD Prop. Jabar tea, saha jeung nu kumaha anu disebut SUNDA teh. Ti antara anggota DPRD Prop. Jabar nu aya harita saurang oge taya nu bisa nerangkeun kalawan jentre. Ieu kaaayan teh ngagambarkeun yen wawakil rayat Sunda teh dina buktina mah henteu apaleun kana saha jeung naon anu diwakilanana. Estu pikasediheun pisan. wawakil urang Sunda teu ngartieun kana saha jeung naon ari SUNDA teh.

Padahal upama eta anggota dewan teh daek leukeun jeung sok daek maca buku nu tumali jeung Sunda atawa Kabudayaan Sunda, tangtu bisa ngajawab kana eta pananya. Aya sawatara buku anu kudu dibaracana, tur saenyana henteu loba diantarana bae:

” Pandangan Hidup orang Sunda, karya tulis Dr. Yus Rusyana dkk. Depdikbud, 1988/1989.
” Kebudayaan Sunda. Dr. Edi S. Ekadjati, Dunia Pustaka Jaya, 1986.
” Sejarah Sunda I, Drs. R. Ma’mun Atmamihardja, Sumur Bandung 1956.
” Dangiang edisi 1/1999.

Tah dina eta buku bakal kaguar naon ari SUNDA.Tapi sigana boa-boa henteu ngan wungkul para wakil rayat anu jadi anggota DPRD Prop. Jabar bae nu can apal kana harti jeung ma’na kecap Sunda teh, teu mustahil karereanana urang Sunda oge can kungsi apal. Ku kituna mah atuda bongan bae di sakola-sakola boh anu formal boh non formal henteu kungsi diajarkeun SAJARAH SUNDA, (kajaba di lingkungan YPDM Pasundan jeung Yayasan Atikan Sunda) - Kacida pikasediheunana, ari sajarah karajaan-karajaan di Tatar Jawa, ti mimiti Erlangga tepi ka Sultan Hamengkubuwono X, urang kungsi diajar; diarapalkeun malah diujikeun, tapi ari sajarah karuhun urang pribadi kaluli-luli). Mangkaning ceuk Sajarahwan/Sosiolog ti Eropa, Miland Kundera, nyebutkeun, yen pikeun ngaleungitkeun hiji bangsa (seler bangsa), leungitkeun bae kareueus kana sajarahna pribadi. Tah kajadian ieu pisan anu ayeuna tumiba ka urang Sunda teh, kana sajarahna pribadi, jajauheun kana ngarasa reueus mah.

Nurutkeun pamanggihna para ahli nu ditataan di luhur ngeunaan saha ari Urang Sunda bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.
Hiji jelema dianggap URANG SUNDA lamun cumpon kana salasahiji pasaratanana, nyaeta:

1. Upama dirina ngarasa jadi urang Sunda.
2. Upama ku batur disebut yen manehna teh urang Sunda.
3. Upama indung jeung bapana asli, tulen, PITUIN urang Sunda.
4. Upama jelema anu sanajan indung bapana lain Urang Sunda, tapi tingkah laku, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena peresis saperti Urang Sunda.

Upama kitu ukuranana, nya atuh ayeuna mah gampang bae, kari urangna masing-masing bisa nyumponan salasahiji tina opat perkara di luhur. Upama dipedar leuwih jembar bisa dihartian kieu:

1. UPAMA DIRINA NGARASA JADI URANG SUNDA

Hiji jelema kakara boga rasa jadi urang Sunda, lamun inyana ngarasa yakin yen jiwana, hirup-huripna, lahir batinna, komo jeung turunan ti indung-bapana pituin urang Sunda. Pikeun miboga RASA jadi urang Sunda, nya kudu hirup di lingkungan anu NYUNDA (mibanda karakter Sunda), ngomong sapopoe basa Sunda, etika jeung etiket, budipekertina Nyunda, konsep hirupna (Visi jeung Misina) nangtung dina tatapakan Sunda. Jeung sauumur salawasna bajoang pikeun nanjeurkeun ajen inajen jeung perilaku anu Nyunda. Ngan anu sok dipikahariwang teh nyaeta lamun jadi Sunda anu heureut deuleu pondok lengkah, heureut ku sateukteuk, kurung batok. Nu kieu bakal jadi Sunda eklusif, tegesna bisa tigebrus kana etnosentris anu heureut, Jingoisme, Ubber Alls (ngarasa diri jadi seler bangsa anu pangunggulna). Karuhun Sunda geus mapagahan yen ulah jadi SUNDA ANU SARUBAK JAMANG, tapi kudu SUNDA ANU ANU SAAMPAR JAGAT (Jamang=baju).

2. UPAMA KU BATUR DISEBUT YEN MANEHNA TEH URANG SUNDA

Upama nurutkeun ukuran anu ieu, nu disebut Sunda atawa urang Sunda teh kumaha ceuk tetelahan ti batur. Ieu sipatna leuwih obyektif. Biasana pangna disebut kitu teh kulantaran indung-bapana urang Sunda, atawa dumeh cicing di tatar Sunda. Sok aya urang Sunda pribadi anu sigana era upama disebut urang Sunda ku batur teh da geuning upama aya nu nanya kieu:
“Kamu orang Sunda yah?”
Ari dijawabna teh ” Bukan saya mah Orang Indonesia “
Eta jawaban ngagambarkeun kateusadaran jeung henteu tumampi jadi urang Sunda (ieu patojaiah jeung eusina Ar.Ruum ayat 22). Saenyana kudu dibedakeun antara harti kecap BANGSA jeung harti kecap RAYAT (Rakyat). Ari “Bangsa” mah nuduhkeun kana sistem budaya (kultur jeung peradaban); ari “rayat (rakyat)” mah nuduhkeun kana cacahjiwa (penduduk) dicirian ku nomer KTP. Jadi kuduna ngajawab teh kieu:
“Benar saya orang Sunda yang menjadi Rakyat Indonesia” - Kitu kuduna mah, ngan geus salah kaprah tea. Padahal ari nu salah mah kapan kudu dibebener deui, diomean.

3. UPAMA INDUNG BAPANA PITUIN URANG SUNDA

Kacida bagjana pisan jelema anu indung bapana terah Sunda pituin, komo upama jeung hirup huripna, campur gaul sapopoena dina tatapakan anu NYUNDA. Malah di urang mah aya kasebutna yen tujuh turnanana oge terah Sunda asli. Tapi sigana ari tepi ka tujuh turunan mah (bapa/indung, nini/aki, uyut, bao, janggawareng, canggah, udeg-udeg, kait siwur) mah jauh teuing. Sigana ku semet indung jeung bapa oge cukup. Anu penting mah bari jeung hirup hurip sapopoena katangar Nyunda. Sarta anu pangpentingna tina kahirupan anu Nyunda teh nyaeta di imah jeung di lingkunganana ngagunakeun BASA SUNDA pikeun alat komunikasina. - Di kota-kota nu aya di Tatar Sunda, hususna di Bandung, pangpangna anu hirup di kompleks perumahan geus kurang pisan kulawarga anu ngagunakeun basa Sunda di imahna -

4. UPAMA JELEMA ANU SANAJAN INDUNG BAPANA LAIN URANG SUNDA, TAPI TINGKAH LAKU, CARA MIKIR JEUNG HIRUP KUMBUH SAPOPOENA PERESIS SAPERTI URANG SUNDA

Ayeuna mah meureun nu disebut urang Sunda MUKIMIN. Disebut Mukimin teh pedah geus mukim (cicing, matuh) di tatar Sunda. Tapi sanajan kitu kudu dibarengan ku tingkah laku, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena ceples saperti urang Sunda. Can disebut Sunda Mukimin, upama ukur pedah cicing di tatar Sunda, tapi ari perilaku, pasipatan, ngomong, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena can saperti Urang Sunda.

Jadi teu bisa disebut Sunda Mukimin, upama imah-imahna dipager luhur tepi ka teu wawuh jeung tatangga, embung milu ngaronda, embung kerja bakti kajeun muruhkeun, embung jadi RT atawa RW, nyieun kelompok/komunitas anu ekslusif, tara milu upacara agustusan.

Saenyana di pakumbuhan Urang Sunda geus kaitung rea para mukimin anu kacida gede kanyaahna ka Ki Sunda, upamana bae:

” Dalang Apek Gunawijaya, eta teh dalang kahot meles urang Cina (ngaranna oge Apek kapan). Dalang Apek kawentar pisan dina taun opatpuluhan jeung limapuluhan mah.
” Bapa Sutisna Senjaya, tokoh ti organisasi Daya Sunda, hiji-hijina wakil GERPIS (Gerakan Pilihan Sunda dina Pemilu taun 1955) anu jadi wakil di Konstituante jaman Sukarno. Anjeunna wantun pidato dina sidang formal Konstituante ku BASA SUNDA, sarta mokalan ngadegkeun kalawarta Kudjang babarengan jeung Bp. R. Ema Bratakoesoema, Bp. Prof. Ir. R.Otong Kosasih. Ari bapa Sutisna Senjaya (Sutsen) teh wedalan Pekalongan alias tiang Jawi.
” Bapa Endang Saefuddin Anshari (Alm), terah Padang meles, tapi di mana wae, jeung iraha bae upama biantara teh sok ku basa Sunda bae. Tatakramana kacida nyundana (pupus taun 90-an).

Tangtu aya keneh Urang Sunda Mukimin anu upama dibandingkeun jeung urang Sunda Pituin oge jauh tangeh leuwih nyaahna ka Sunda. Ka para Sunda Mukimin anu saperti kieu, urang wajib ngajenan jeung mihormatna.

Minangka panutupna tulisan bagian ka-1 ieu, aya nu perlu pisan dipiinget ku urang sarerea, rek keur urang SUNDA PITUIN rek keur SUNDA MUKIMIN, yen ari pikeun kalungguhan Pupucuk Pamarentahan Masarakat Urang Sunda mah, aya nu kudu dicekel pageuh, nyaeta para pamingpin di unggal daerah (Propinsi, Kabupaten, Kota, Kacamatan, Desa), eta teh lain ngan ukur jadi PAMINGPIN STRUKTURAL FORMAL wungkul tapi oge jadi CICIREN (ICON) TI MASARAKAT ADAT SUNDA. Jadi kacindekanana pikeun pamingpin di Tatar Sunda mah kudu bisa nyumponan kana ukuran (kriteria) nomer 1, 2 jeung 3. Tapi upama kapaksa-kapaksa teuing mah henteu cumpon tilu pasaratan tea, dua pasaratan mah mutlak kudu digunakeun, nyaeta pasaratan no 1 (Ngarasa dirina teh Urang Sunda) jeung no 2 (Ku batur disebut manehna teh Urang Sunda). Hal ieu teh taya lian pikeun salasahiji tarekah geusan repeh rapih, lulus banglus, tata tengtrem karta raharjana Tatar Sunda jeung Bangsa Sunda sabage salasahiji ti masarakat rayat Indonesia. Upama nu dua ieu kacumponan, insya-Alloh moal marudah teuing batiniahna urang Sunda teh. Muga maphum bae ieu mah.

Ku : (alm) H.R. Hidayat Suryalaga

*ti sababaraha ste jeung referensi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar