Tepas

Senin, 25 Juli 2011

Carita Parahyangan

Carita Parahiyangan mangrupakeun ngaran hiji naskah Sunda nu dijieun kira ahir abad ka-16, nu nyaritakeun sajarah tatar Sunda, utamana ngeunaan kakawasaan karajaan Galuh jeung Sunda. Dingaranan ktiu dumasar kana bubuka eusina nu nyebutkeun "ndéh nihan carita parahiyangan". Dumasar kana carita nu mungkasna, ieu naskah dijieun dina ahir abad ka-16 atawa awal abad ka-17, nalika kakuatan pulitik Islam saeutik-saeutik geus nyilihan kakawasaan Sunda di Pakuan Pajajaran.

Naskah

Ieu naskah téh sabagian ti naskah nu aya dina koropak nomer 406 nu disimpen di Perpustakaan Nasional, Jakarta. Lobana 47 lambar ukuran 21 x 3 cm, nu dina unggal lambarna dieusi tulisan 4 jajar (bulak-balik). Aksara nu dipaké nyaéta aksara Sunda kuna, sedeng basana Sunda kuna.

Panalungtikan

Ieu naskah munggaran ditalungtik ku K.F. Holle, lajeng ku C.M. Pleyte, nu duanana mémang loba nalungtik sastra Sunda-Buhun. Lajeng ieu naskah dialihaksarakeun ku Purbacaraka, salaku tambahan pikeun laporan anjeunna ngeunaan Batu Tulis di Bogor. Tarékah ieu diteruskeun ku H. ten Dam (taun 1957) jeung J. Noorduyn (laporan panalungtikan taun 1962 jeung 1965). Salajengna, ieu naskah ogé ditalungtik ku sababaraha sarjana Sunda, di antarana Ma'mun Atmamiharja, Amir Sutaarga, Aca, Ayatrohaédi, sarta Édi S. Ékajati jeung Undang A. Darsa.

Eusi

Ieu naskah nyaritakeun sajarah Sunda, ti awal karajaan Galuh jaman Wretikandayun nepi ka runtagna Pakuan Pajajaran alatan kadéséh ku pangaruh Islam ti Demak jeung Cirebon (katut Banten).

Sempakwaja & Mandiminyak
Rahiyang Sanjaya

Ieu naskah loba pisan nyaritakeun Rahiyang Sanjaya, anu méméh jeneng di Galuh boga ngaran Rakéyan Jambri, padahal jeneng rajana téh ukur salapan taun. Rakéyan Jambri téh putrana Sang Séna, sedengkeun Sang Séna téh anak Mandiminyak ti Pwah Rababu (istrina Sempakwaja, kungsi di-'keudeu-keudeu' ku Mandiminyak).

Dina ieu naskah, Sanjaya kacaritakeun jago perang. Lian ti nu di pulo Jawa, Sanjaya ogé kungsi narajang wilayah-wilayah di Sumatra, kayaning Malayu, Sriwijaya, jeung Barus, malah nepi ka wewengkon kakawasaan Cina.

Perang Bubat

Dina lebah nyaritakeun Prabu Maharaja, anakna Aki Kolot, disebutkeun kieu

Manak deui Prebu Maharaja, lawasniya ratu tujuh tahun, kena kabawa ku kalawisaya, kabancana ku seuweu dimanten, ngaran Tohaan. Mundut agung dipipanumbasna. Urang réya sangkan nu angkat ka Jawa, mumul nu lakian di Sunda. Pan prangrang di Majapahit.

Mun dina basa Sunda kiwari, alihbasana kurang leuwih kieu,

Boga anak, Prebu Maharaja, lawasna jadi ratu tujuh taun, keuna ku kalawisaya, kabawa cilaka ku anakna, nu ngaranna Tohaan, ménta gedé panumbasna. Urang réa asalna indit ka Jawa, da embung boga salaki di Sunda. Heug wae perang di Majapahit.

Prabu Surawisésa

Prabu Surawisésa, putrana Ratu Jayadéwata, kawarisan kakawasaan Sunda dina mangsa anu henteu nguntungkeun, sabab wilayah-wilayahna loba nu baruntak, éléh pangaruh, atawa direbut ku karajaan Cirebon anu dibantuan ku Demak. Dina mangsa kakawasaanana anu 14 taun, Prabu Surawisésa mingpin bala saréwu dina 15 kali perang.

Disilihan inya ku Prebu Surawisésa, inya nu surup ka Padarén, kasuran, kadiran, kuwamén. Prangrang limawelas kali hanteu éléh, ngalakukeun bala sariwu. Prangrang ka Kalapa deung Aria Burah. Prangrang ka Tanjung. Prangrang ka Ancol kiyi. Prangrang ka Wahanten girang. Prangrang ka Simpang. Prangrang ka Gunungbatu. Prangrang ka Saungagung. Prangrang ka Rumbut. Prangrang ka Gunung. Prangrang ka Gunung Banjar. Prangrang ka Padang. Prangrang ka Panggoakan. Prangrang ka Muntur. Prangrang ka Hanum. Prangrang ka Pagerwesi. Prangrang ka Medangkahiyangan. Ti inya nu pulang ka Pakwan deui. hanteu nu nahunan deui, panteg hanca di bwana. Lawasniya ratu opatwelas tahun.

Dina tradisi lisan, Prabu Surawisésa ieu katelah Mundinglaya Dikusumah.

Patempatan/wilayah Sunda

Naskah Carita Parahiyangan loba pisan nyebut patempatan/wilayah nu, tangtuna, kaasup wilayah kakawasaan Sunda. Éta patempatan, aya nu nepi ka kiwari tetep kitu ngaranna, aya ogé nu geus teu aya di kieuna:

* Ancol: Ancol, Jakarta Kalér
* Arile, di Kuningan
* Balamoha
* Balaraja
* Balitar
* Barus
* Batur
* Berawan
* Cilotiran
* Cimara-upatah
* Cina
* Ciranjang
* Cirebon: karajaan Cirebon
* Datar
* Demak: karajaan Demak
* Demba, nusa
* Denuh: wewengkon pakidulan
* Galuh: karajaan Galuh, salah sahiji puseur pamaréntahan & kaadaban Sunda
* Galunggung; gunung Galunggung
* Gegelang
* Gegeromas
* Gunung
* Gunung Banjar
* Gunungbatu
* Gunung Merapi
* Hanum
* Hujung Cariang
* Huluwesi, Sanghiyang
* Jampang
* Jawa: wilayah urang Jawa (bagian wétan pulo Jawa)
* Jawakapala
* Jayagiri
* Kahuripan
* Kajaron
* Kalapa: palabuan utama Sunda, kiwari Sunda Kelapa
* Keling
* Kemir
* Kendan: karajaan nu ayana kira di sabudeureun gunung Kendan di wewengkon Nagrég, anu loba kapanggih batu obsidian nu katelah batu kendan.
* Kiding
* Kikis
* Kreta
* Kuningan: puseur kabupatén Kuningan
* Lembuhuyu
* Majapahit: karajaan Majapahit
* Majaya
* Malayu: karajaan Malayu di Sumatra
* Mananggul
* Mandiri
* Medang
* Medangjati
* Medang Kahiangan
* Menir
* Muntur
* Nusalarang
* Padang
* Padarén
* Pagajahan
* Pagerwesi
* Pagoakan
* Pajajaran: Pakuan Pajajaran, puseur karajaan Sunda, perenahna di Bogor kiwari
* Pakuan: Pakuan Pajajaran, puseur karajaan Sunda, perenahna di Bogor kiwari
* Pangpelengan
* Paraga
* Parahiyangan
* Patégé
* Puntang: gunung Puntang
* Rajagaluh: Rajagaluh, Majalengka
* Rancamaya, Sanghiyang: wewengkon kuloneun Ciawi, Bogor, kiwari jadi babakan paniisan méwah
* Rumbut
* Salajo
* Saung Agung
* Saunggalah
* Simpang
* Sumedeng
* Sunda: karajaan Sunda anu puseurna di Pajajaran, Bogor
* Taman
* Tanjung
* Tarum: Citarum
* Tasik
* Tiga, gunung
* Wahanten-girang: Banten Girang
* Wanakusuma, gunung
* Winduraja
* Wiru

Jumat, 22 Juli 2011

Sunda Pituin jeung Sunda Mukimin? Ari sim kuring Sunda naon?

Sababaraha tiori nyebatkeun yen nu disebat urang sunda teh nya eta jalma nu indung bapana urang sunda mun henteu jalma nu geus lila cicing di wewengkon sunda. tapi enya kitu jiga kitu? Urang tilik jeung tarik ti sejarah urang atawa ti Karajaan Salakanagara nu di percaya sababaraha ahli kungsi ngadeg di Jawa Barat. Nu ngadegkeun Karajaan Salakanagara nya eta Dewawarman jeung mitoha na Aki Tirem. Dewawarman nya eta asalna ti India ti kulawarga Palawa sedengkeun Aki Tirem sorangan turunan ti wewengkon Yewana bagean Kulon. Naha? Kieu urutanna:
Karuhun Ki Nesan Asalna ti Yewana – Datuk Banda putera Nesan ti Langkasuka – Datuk Waling putera Ki Datuk Banda – Ki Bagang putera Ki Datuk Waling ti Ujung Mendini (Semenanjung) – Datuk Pawang Marga putera Ki Bangang ti Sumatera bagean Kaler – Aki Pawang Sawer putera Datuk Pawang Marga – Ki Dungkul putera Ki Datuk Pawang Sawer ti Sumatera bagean Kidul – Aki Bajul Pakel putera Ki Dungkul ti Sumatera bagean Kidul ngalih ka basisir kulon Jawa Kulon – Nyi Sariti puteri Ki Bajul Pakel – Ki Srengga putera Nyi Sariti – AKI TIREM putera Ki Srengga – pamungkas Pohaci Larasati puteri Aki Tirem [sumber: Buku Sejarah Jawa Barat, Yoseph Iskandar Hal. 38].

Jadi sabenerna, aya sabaraha kriteria nu disebut urang Sunda teh?
Ti sababaraha pamanggihna para ahli anu ditataan ngeunaan saha ari Urang Sunda teh bisa dicindekkeun saperti ieu di handap. Hiji jelema dianggap Urang Sunda lamun cumpon kana salasahiji pasaratanana, di dieu oge dibahas ngeunaan Sunda Pituin jeung Sunda Mukimin. Naon sih nu disebut dua eta? Opat saratna nya eta:
1. Upama dirina ngarasa jadi urang Sunda.
2. Upama ku batur disebut yen manehna teh urang Sunda.
3. Upama indung bapana asli atawa disebut Sunda Pituin eta.
4. Upama indung bapana lain urang Sunda, tapi paripolahna, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena persis saperti urang Sunda.
Upama ukuranna kitu, nya atuh ayeuna mah gampang bae, kari urangna bisa nyumponan salasahiji ti opat pasaratan di luhur. Tapi sok urang pedar leuwih jembar deui ngeunaan perkara diluhur.

1. Upama dirina ngarasa jadi urang Sunda
Hiji jelema kakara boga rasa jadi urang Sunda, lamun inyana ngarasa yakin yen jiwana, hirup – huripna, lahir batinna, komo jeung turunan ti indung bapana pituin urang Sunda. Pikeun miboga rasa jadi urang Sunda, nya kudu hirup di wewengkon anu NYUNDA, ngomong sapopoe basa sunda, etika jeung etiket, budipekertina NYUNDA, konsep hirupna nangtung dina tatapakan Sunda. jeung sauumur salawasna bajoang pikeun najeurkeun ajen inajen jeung laku lampah anu NYUNDA. Ngan anu sok dipikahariwang teh nya eta lamun jadi Sunda anu heureut deuleu pondok lengkah, heureut ku sateukteuk, kurung batok. Nu kieu bakal jadi Sunda Eklusif, tegesna bisa tigebrus kana etnosentris anu heureut, Jingoisme, Ubber Alls (ngarasa diri jadi seler bangsa nu pangunggulna). Karuhun Sunda geus mapagahan yen ulah jadi SUNDA ANU SARUBAK JAMANG tapi kudu SUNDA ANU SAAMPAR JAGAT.

2. Upama ku batur disebut URANG SUNDA
Upama nurutkeun ukuran anu ieu, nu disebut Sunda atawa urang Sunda teh kumaha ceuk tetelahan ti batur. Ieu sipatna leuwih obyektif. Biasana pangna disebut kitu teh kulantaran indung bapana urang Sunda, atawa dumeh cicing di tatar Sunda. Sok aya urang Sunda pribadi nu sigana era upama disebut disebut urang Sunda ku batur teh da geuning upama aya anu nanya kieu:
“Kamu orang Sunda yah?” ari dijawabna teh.
“Bukan, saya mah orang Indonesia” (ari eta kecap “mah” teh emang lain Sunda?) eta jawaban teh sanajan ngan heureuy ngagambarkeun teu sadarna jeung henteu tumampi jadi urang Sunda. Saenyana mah urang bisa ngabedakeun antara harti keap Bangsa jeung harti kecap Rayat. Ari “Bangsa” mah nuduhkeun kana sistim budaya (kultur jeung peradaban) ari “Rayat” mah nuduhkeun kana cacahjiwa dicirian ku nomer KTP. Jadi kuduna ngajawab teh kieu: “Iya, saya orang Sunda yang menjadi Rakyat Indonesia”. Padahal ari nu salah mah kapan kudu dibebener deui, diomean.

3. Upama indung bapana Pituin urang Sunda
Kacida bagjana pisan jelema anu indung bapana terah Sunda pituin, komo upama hirup huripna, campur gaul sapopoena dina tatapaan anu NYUNDA. Malah aya nu disebut tujuh turunana terah Sunda Asli. Tapi sigana ari tepi tujuh turunan mah (bapa/indung, nini/aki, uyut, bao, janggawerang, canggah, udeg – udeg, kait siwur) mah jauh teuing. Sigana ku semet indung bapana oge cukup. Anu penting mah bari hirup hurip sapopoena katangar NYUNDA. Sarta anu pangpentingna tina khirupan anu Nyunda teh nya eta di imah jeung di wewengkona ngagunakeun basa Sunda pikeun alat komunikasi. Ayeuna mah boroning di komplek perumahan, di tempat nu biasa ngagunakeun basa Sunda ayeuna mah jiga anu era ngomong basa Sunda teh.

4. Upama indung bapana lain urang Sunda, tapi paripolahna, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena persis saperti urang Sunda
Ayeuna mah meureun nu disebut Sunda Mukimin. Disebut Sunda Mukimin teh pedah geus mukim di tatar Sunda. Tapi sanajan kitu kudu dibarengan ku paripolah, pamikiran jeung hirup kumbuh sapopoena ceples saperti urang Sunda. Can disebut Sunda Mukimin, upama ukur cicing di tatar Sunda, tapi ari paripolahna, pasipatan, omongana, cara mikir, jeung hirup kumbuh sapopoena can saperti urang Sunda. Jadi teu bisa disebut Sunda Mukimin upama imah – imahna dipager luhur tepi ka teu wawuh ka tatangga, embung milu ngaronda, embung kerja bakti kajeun muruhkeun, embung jadi RT atawa RW, atawa tara milu upacara agustusan.
Saenyana di pakumbuhan urang Sunda geus kaitung rea para mukimin anu gede kanyaahna ka Sunda. Upamana bae: Dalang Apek Gunawijaya (Urang China), Bapa Sutisna Sejaya (Pekalongan, Jawa) tapi lancar basa Sunda jeung laku lampahna saperti urang Sunda pituin, Bapa Endang Saefuddin Anshari (alm) nu nyunda pisan ditambah deui sok biantara ku basa Sunda(Urang Padang). Tangtu masih loba urang Sunda Mukimin anu upama dibandingkeun jeung urang Sunda Pituin oge jauh tangeh leuwih nyaahna ka Sunda. Ka para Sunda Mukimin anu saperti kieu, urang wajib ngajenan jeung mihormat.

Jadi, eta opat kriteria nu ceuk pamadegan sim kuring mah bisa ngajawab patalekan “Saha ari urang Sunda teh?” Lain Sunda Pituin atawa Sunda Mukimin. Nu tangtu mah, sakumaha manehna ngomong, mikir, pasipatan jeung hirup kumbuhna jiga Ki Sunda. Lain ngan saukur nyebutkeun yen manehna URANG SUNDA ari laku lampahna teu NYUNDA.

Sajak Part I

Kari Ciri, Kantun Ngaran

Baheula, masih ka kuping hariring Dayang Sumbi
Ngancik muru ngudag nu jadi impi
Teu matak sérab, komo napsu saadri
Mangsa harita, anteup seukeut aya haleuang Sangkuriang
Nyambuang néang kahayang
Moal jadi kingkilaban, upadi temahna sarakah sa gunung Burangrang
Tatar Bandung heurin ku tangtung
Kamana atuh leungitna lembur kuring?
Bandung, leungiteun tangtungan
Bandung leungiteun capétang basana
Bandung leungiteun réngkak budayana
Bandung pinuh sipat ngarasula
Nu cidra pinuh néangan harta
Sulaya tina subaya taya watesna
Aral subaha manggih kadigjayaanna
Iraha atuh nu pundung ti Cikapundung bakal balik deui?
Tandang makalangan ngahuripkeun Ki Sunda
Midang mapag ka rahayuan

Bandung tatar Parahiangan kari ciri, kantun ngaran

Imam Rakhman Hakim
Soma 5k, Margasira 1947