Tepas

Jumat, 22 Juli 2011

Sunda Pituin jeung Sunda Mukimin? Ari sim kuring Sunda naon?

Sababaraha tiori nyebatkeun yen nu disebat urang sunda teh nya eta jalma nu indung bapana urang sunda mun henteu jalma nu geus lila cicing di wewengkon sunda. tapi enya kitu jiga kitu? Urang tilik jeung tarik ti sejarah urang atawa ti Karajaan Salakanagara nu di percaya sababaraha ahli kungsi ngadeg di Jawa Barat. Nu ngadegkeun Karajaan Salakanagara nya eta Dewawarman jeung mitoha na Aki Tirem. Dewawarman nya eta asalna ti India ti kulawarga Palawa sedengkeun Aki Tirem sorangan turunan ti wewengkon Yewana bagean Kulon. Naha? Kieu urutanna:
Karuhun Ki Nesan Asalna ti Yewana – Datuk Banda putera Nesan ti Langkasuka – Datuk Waling putera Ki Datuk Banda – Ki Bagang putera Ki Datuk Waling ti Ujung Mendini (Semenanjung) – Datuk Pawang Marga putera Ki Bangang ti Sumatera bagean Kaler – Aki Pawang Sawer putera Datuk Pawang Marga – Ki Dungkul putera Ki Datuk Pawang Sawer ti Sumatera bagean Kidul – Aki Bajul Pakel putera Ki Dungkul ti Sumatera bagean Kidul ngalih ka basisir kulon Jawa Kulon – Nyi Sariti puteri Ki Bajul Pakel – Ki Srengga putera Nyi Sariti – AKI TIREM putera Ki Srengga – pamungkas Pohaci Larasati puteri Aki Tirem [sumber: Buku Sejarah Jawa Barat, Yoseph Iskandar Hal. 38].

Jadi sabenerna, aya sabaraha kriteria nu disebut urang Sunda teh?
Ti sababaraha pamanggihna para ahli anu ditataan ngeunaan saha ari Urang Sunda teh bisa dicindekkeun saperti ieu di handap. Hiji jelema dianggap Urang Sunda lamun cumpon kana salasahiji pasaratanana, di dieu oge dibahas ngeunaan Sunda Pituin jeung Sunda Mukimin. Naon sih nu disebut dua eta? Opat saratna nya eta:
1. Upama dirina ngarasa jadi urang Sunda.
2. Upama ku batur disebut yen manehna teh urang Sunda.
3. Upama indung bapana asli atawa disebut Sunda Pituin eta.
4. Upama indung bapana lain urang Sunda, tapi paripolahna, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena persis saperti urang Sunda.
Upama ukuranna kitu, nya atuh ayeuna mah gampang bae, kari urangna bisa nyumponan salasahiji ti opat pasaratan di luhur. Tapi sok urang pedar leuwih jembar deui ngeunaan perkara diluhur.

1. Upama dirina ngarasa jadi urang Sunda
Hiji jelema kakara boga rasa jadi urang Sunda, lamun inyana ngarasa yakin yen jiwana, hirup – huripna, lahir batinna, komo jeung turunan ti indung bapana pituin urang Sunda. Pikeun miboga rasa jadi urang Sunda, nya kudu hirup di wewengkon anu NYUNDA, ngomong sapopoe basa sunda, etika jeung etiket, budipekertina NYUNDA, konsep hirupna nangtung dina tatapakan Sunda. jeung sauumur salawasna bajoang pikeun najeurkeun ajen inajen jeung laku lampah anu NYUNDA. Ngan anu sok dipikahariwang teh nya eta lamun jadi Sunda anu heureut deuleu pondok lengkah, heureut ku sateukteuk, kurung batok. Nu kieu bakal jadi Sunda Eklusif, tegesna bisa tigebrus kana etnosentris anu heureut, Jingoisme, Ubber Alls (ngarasa diri jadi seler bangsa nu pangunggulna). Karuhun Sunda geus mapagahan yen ulah jadi SUNDA ANU SARUBAK JAMANG tapi kudu SUNDA ANU SAAMPAR JAGAT.

2. Upama ku batur disebut URANG SUNDA
Upama nurutkeun ukuran anu ieu, nu disebut Sunda atawa urang Sunda teh kumaha ceuk tetelahan ti batur. Ieu sipatna leuwih obyektif. Biasana pangna disebut kitu teh kulantaran indung bapana urang Sunda, atawa dumeh cicing di tatar Sunda. Sok aya urang Sunda pribadi nu sigana era upama disebut disebut urang Sunda ku batur teh da geuning upama aya anu nanya kieu:
“Kamu orang Sunda yah?” ari dijawabna teh.
“Bukan, saya mah orang Indonesia” (ari eta kecap “mah” teh emang lain Sunda?) eta jawaban teh sanajan ngan heureuy ngagambarkeun teu sadarna jeung henteu tumampi jadi urang Sunda. Saenyana mah urang bisa ngabedakeun antara harti keap Bangsa jeung harti kecap Rayat. Ari “Bangsa” mah nuduhkeun kana sistim budaya (kultur jeung peradaban) ari “Rayat” mah nuduhkeun kana cacahjiwa dicirian ku nomer KTP. Jadi kuduna ngajawab teh kieu: “Iya, saya orang Sunda yang menjadi Rakyat Indonesia”. Padahal ari nu salah mah kapan kudu dibebener deui, diomean.

3. Upama indung bapana Pituin urang Sunda
Kacida bagjana pisan jelema anu indung bapana terah Sunda pituin, komo upama hirup huripna, campur gaul sapopoena dina tatapaan anu NYUNDA. Malah aya nu disebut tujuh turunana terah Sunda Asli. Tapi sigana ari tepi tujuh turunan mah (bapa/indung, nini/aki, uyut, bao, janggawerang, canggah, udeg – udeg, kait siwur) mah jauh teuing. Sigana ku semet indung bapana oge cukup. Anu penting mah bari hirup hurip sapopoena katangar NYUNDA. Sarta anu pangpentingna tina khirupan anu Nyunda teh nya eta di imah jeung di wewengkona ngagunakeun basa Sunda pikeun alat komunikasi. Ayeuna mah boroning di komplek perumahan, di tempat nu biasa ngagunakeun basa Sunda ayeuna mah jiga anu era ngomong basa Sunda teh.

4. Upama indung bapana lain urang Sunda, tapi paripolahna, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena persis saperti urang Sunda
Ayeuna mah meureun nu disebut Sunda Mukimin. Disebut Sunda Mukimin teh pedah geus mukim di tatar Sunda. Tapi sanajan kitu kudu dibarengan ku paripolah, pamikiran jeung hirup kumbuh sapopoena ceples saperti urang Sunda. Can disebut Sunda Mukimin, upama ukur cicing di tatar Sunda, tapi ari paripolahna, pasipatan, omongana, cara mikir, jeung hirup kumbuh sapopoena can saperti urang Sunda. Jadi teu bisa disebut Sunda Mukimin upama imah – imahna dipager luhur tepi ka teu wawuh ka tatangga, embung milu ngaronda, embung kerja bakti kajeun muruhkeun, embung jadi RT atawa RW, atawa tara milu upacara agustusan.
Saenyana di pakumbuhan urang Sunda geus kaitung rea para mukimin anu gede kanyaahna ka Sunda. Upamana bae: Dalang Apek Gunawijaya (Urang China), Bapa Sutisna Sejaya (Pekalongan, Jawa) tapi lancar basa Sunda jeung laku lampahna saperti urang Sunda pituin, Bapa Endang Saefuddin Anshari (alm) nu nyunda pisan ditambah deui sok biantara ku basa Sunda(Urang Padang). Tangtu masih loba urang Sunda Mukimin anu upama dibandingkeun jeung urang Sunda Pituin oge jauh tangeh leuwih nyaahna ka Sunda. Ka para Sunda Mukimin anu saperti kieu, urang wajib ngajenan jeung mihormat.

Jadi, eta opat kriteria nu ceuk pamadegan sim kuring mah bisa ngajawab patalekan “Saha ari urang Sunda teh?” Lain Sunda Pituin atawa Sunda Mukimin. Nu tangtu mah, sakumaha manehna ngomong, mikir, pasipatan jeung hirup kumbuhna jiga Ki Sunda. Lain ngan saukur nyebutkeun yen manehna URANG SUNDA ari laku lampahna teu NYUNDA.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar