Tepas

Kamis, 07 April 2011

Pakasaban Urang Sunda

A. Pakasaban Urang Sunda
Anu kacutat dina literatur Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian dina bagéan X nya éta:
X
Deung maka ilik-ilik dina turutaneun: mantri gusti kaasa-asa, bayangkara nu marek, pangalasan, juru lukis, pande dang, pande mas, pande gelang, pande wesi, guru wida(ng). medu, wayang, kumbang gending, tapukan, banyolan, pahuma, panyadap, panyawah, panyapu, bela mati, juru moha, barat katiga, pajurit, pamanah, pam(a)rahg, pangurang dasa calagara, rare angon, pacelengan, pakotokan, palika, preteuleum, sing sawatek guna, Aya ma satya di guna di kahulunan. Éta kehna turutaneun kena éta ngawakan tapa di nagara.
Saupama dihartikeun mah sapertos kieu: Sarta perhatoskeun aranjeuna nu bisa diturutan: mantri, gusti anu kasohor, bayangkara, tukang leuleuweungan, juru lukis, tukang mas, tukang geulang, panday, ahli kulit, dalang wayang, tukang gamelan, tukang sandiwara, tukang ngalawak, pahuma, panyadap, panyawah, panyapu, bela mati, juru moha, barat katiga, prajurit, prajurit panah, aparat dasa, palika jeung sagala macem pakasaban. Sadayana sati ka pancen pikeun raja, éta sadayana kedah diturutan sabab aranjeuna ngalakukeun tapa dina nagara.

Jadi, dina Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian dina bagéan X, tos kauninga aya sababaraha pakasaban dina struktur kamasarakatan dina jaman Karajaan Pajajaran masih ngadeg. Perenahna, numutkeun buku Sajarah Jawa Barat ku Bapa Drs. Yoseph Iskandar, yen di zaman Batu Muda, masarakat tos wanoh kana ngahuma, dina zaman Karajaan Salakanagara, pakasabana nambah nya éta, moro di alas, niaga, jadi pamayang di laut jeung walungan, ngangon sato, melak bubuahan, ngahuma jeung sajabana.
B. Ngahuma, Teknik Pakasaban Asli Urang Sunda
Ngahuma, mangrupa hiji pakasaban nu tos aya di urang Sunda ti abad – abad mimiti. Ngahuma urang Sunda, ayeuna masih bisa ditingali teknikna dina kahirupan jeung sistim pakasaban masarakat Kanekes Dalam atawa wewengkon Tangtu. Sistim nu dipaké nya éta huma. Iwal ti ngahuma, numutkeun buku Kabudayaan Sunda ku Edi S. Ekadjati masarakat Kanekes puseur kahirupan aranjeuna nya éta ti usaha nyadap kawung atawa lahang, néangan madu, moro di alas, ngala lauk di walungan, melak tatangkalan heuras pikeun diala buahna saperti cau, kadu, peuteuy, kalapa, rambutan, jeung sajabana. Iwal ti éta, aranjeuna ogé aya nu jadi panday. Upama wanojana biasana ninun.
Dina kahirupan masarakat Sunda baheula jeung masarakat Kanekes ayeuna, taneuh miboga status lain hak milik pribadi namung titipan ti Gusti Nu Maha Agung. Aranjeuna ngan saukur miara jeung ngajaga sarta ngamangpaatkeun sawates pikeun minuhan kabutuhan hirup aranjeuna. Dina prak – prakan ngahuma, hiji lahan dibéré waktu sataun atawa sakali panén. Teras ditaun salajeungna, kudu pindah lahan huma. Tangtu waé maksad umumna mah pikeun ngajaga kasuburan taneuh. Biasana taneuh nu nembé pisan dipaké, disebutna jami pikeun lahan nu tos lami teu dipaké jeung seueur jukut nu minuhan éta lahan, lahan éta disebutna reuma. Parantos kauninga panginten saupama harti reuma mah. Upama jami mah nya éta sawah atawa huma anu enggeus dibuat kalawan imeut ngan tinggal rajegna jarami.
Dina adat Kanekes, numutkeun fungsi, lokasi, jeung tingkatan adatna, aya lima jenis huma. Nya éta: (1) huma serang, (2) huma puun, (3) huma Tangtu, (4) huma tuladan, jeung (5) huma Panamping. Huma serang nya éta huma anu lokasina di wewengkon Tangtu jeung hasil paréna husus pikeun upacara – upacara kapuunan. Huma puun nya éta lahan huma anu lokasina di wewengkon Tangtu, pikeun garapan puun, jeung mangrupa jaminan hirup puun sarta kulawargana salami miboga kalungguhan éta. Huma Tangtu nya éta huma di wewengkon Tangtu pikeun garapan masarakat wewengkon Tangtu (Kanekes Dalam). Huma tuladan nya éta lahan huma pikeun upacara di wewengkon Panamping anu ayana di wewengkon Panamping. Huma Panamping nya éta lahan huma lokasina di wewengkon Panamping jeung pikeun garapan masarakat Panamping.
Ditingali tina gawéna, proses ngagarap huma éta ngaliwatan 12 tahap, nya éta:
1) Narawas (ngarintis)
Narawas hartina nya éta neangan atawa milih lahan pikeun dijadikeun huma.
2) Nyacar (ngabersihan leuweung)
Nyacar hartina ngabukbak jukut atawa leuweung.
3) Nukuh (ngagaringkeun)
Nukuh hartina ngagaringkeun jukut sarta hasil bukbakanana.
4) Ngaduruk
Ngaduruk nya éta kagiatan ngaduruk runtah anu geus dikumpulkeun dina kagiatan nukuh.
5) Nyoo Binih
Nyoo binih nya éta kagiatan nyiapkeun binih nu dilakukeun sapoe sateuacan melak atawa ngaseuk. Kagiatan eta dimimitian ku nurunkeun binih paré ti leuit, dilakukeun ku awewe. Palaku kudu maké selendang bodas, beubeur bodas, jeung buuk disanggul, jeung ngalakukeun kagiatan eta dina suasana jempling jeung khidmat, tampa ngawangkong, jeung ku mapatkeun mantra nu tangtu.
6) Ngaseuk
Ngaseuk, hartina nyieun liang leutik ngagunakeun aseukan pikeun melak binih paré. Ngaseuk sok dipigawé ku lalaki, sedengkeun ngasupkeun binih paré kana liang aseukan dipigawé ku awéwé.
7) Ngirab sawan (miceun sampah)
Ngirab sawan, nya éta mérésihan urut runtah pangpung jeung daun atawa pepelakan séjén anu ngaganggu pepelakan paré anu keur jadi.
8) Mipit
Mipit mangrupa kagiatan munggaran metik atawa ngala paré. Tilu bulan nalika panén éta sok disebut ogé bulan kawalu. Panalungtikan ieu dipigawé dina bulan kawalu tengah.
9) Ngored
Ngored nya éta digawé kalayan ngagunakeun koréd, anu tujuanana pikeun mérésihan huma tina jujukutan sarta pikeun ngagemburkeun taneuh di sabudeureun paré supaya akarna tambah loba jeung babari nyerep kadaharan nepi ka paré jadi subur.
10) Dibuat
Dibuat, nya éta ngala paré atawa motong paré (panén).
11) Ngunjal
Ngunjal hartina ngangkut hasil panén ti huma ka leuit.
12) Nganyaran
Kagiatan upacara ngadahar atawa nyobaan sangu anyar, atawa sangu hasil dibuat di huma serang.


C. Masarakat Huma jeung Masarakat Basisir
Geomorfologi Tatar Sunda nu ngalantarankeun pakasaban nu biasa di talungtik ku para ahli téh ngan saukur ngahuma jeung ngahuma. Sedengkeun masarakat Sunda téh teu ngan saukur pahuma hungkul. Tatapi aya pamayang, palika jeung pakasaban séjén nu konséntrasina di wewengkon basisir. Wewengkon basisir miboga harti strategis kusabab mangrupa wewengkon antara ekosistem darat jeung laut, jeung miboga potensi sumber daya alam sarta jasa – jasa wewengkon nu kacida beungharna. Ragemna potensi sumber daya alam éta, ngamunculkeun daya irut sababaraha pihak pikeun ngamangpaatkeun sumber daya alam sarta sababaraha instansi pikeun ngaregulasi pamangpaatanana. Mung, teu bisa disingkahan nepi ka ayeuna kahirupan masarakat basisir masih jauh katinggaleun ti kahirupan kota, ogé jauh pisan katinggaleunna ti wewengkon alas. Loba masarakat basisir, hususna pamayang anu hirup dihandap gurat kamiskinan. Hal ieu lantaran lobana ti ngala lauk hungkul salaku upah atawa pakasaban utamana.
Jadi upama ditingali, bebédana pakasaban antara masarakat huma jeung masarakat basisir kusabab geomorfologisna. Nalika masarakat Sunda nu aya di luhur pasir atawa gunung, otomatis pakasabanana moal jauh ti ngahuma. Jaman baheula pakasaban urang Sunda nu di dataran luhur, ngan ngahuma hungkul. Kusabab pangaruh ti Mataram, masarakat Sunda mimiti wanoh ka nyawah. Tah upama nu di basisir mah, kusabab unsur taneuhna keusik jadi kasuburan taneuhna teu pati méré kauntungan nu leuwih loba ka masarakat. Otomatis, masarakat basisir mah rata – rata pakasabanana nya éta jadi pamayang atawa palika. Bisa ogé pakasabana nyadap kalapa terus ngamangpaatkeun alas mangrove atawa alas bako.

D. Pakasaban Masarakat Sunda Kiwari
Pakasaban masarakat Sunda kiwari geus leuwih euyeub sabab geus kapangaruhan ku budaya luar sarta kamajuan téhnologi. Pakasabanana bisa dikelompokkeun dumasar wewengkon cicingna masarakat Sunda, nya éta masarakat padésaan jeung masarakat dayeuh. Masarakat nu cicing di désa masih loba anu ngandelkeun tatanen pikeun nyumponan kabutuhan hirupna. Salian ti nyawah, nu ngahuma ogé masih kénéh aya sok sanajan komunitas pahuma téh beuki saeutik. Nu ngabédakeun antara masarakat panyawah baheula jeung ayeuna téh nya éta dina cara ngolah taneuhna anu kiwari mah saeutik lobana geus ngamangpaatkeun kamajuan téhnologi. Mun baheula patani ngagunakeun garu jeung wuluku pikeun ngolah sawahna, ayeuna mah patani geus ngagunakeun traktor. Lian ti éta pikeun ngarumat jeung ngagemuk paréna,mun baheula mah patani ngagunakeun gemuk kompos kiwari mah gemuk nu digunakeun ku patani téh gemuk kimia jeung pestisida pikeun ngusir hamana. Padahal mun dijujut dumasar mangpaatna sarta pangaruh kana taneuhna, tangtuna gemuk alam téh leuwih alus dari pada gemuk kimia nu kiwari loba dipaké ku patani. Salian ti traktor, aya ogé rontogan pikeun ngalaan paré anu geus diarit tina tangkalna.
Kiwari mah anu jadi prioritas masarakat Sunda di désa téh lain ngan saukur nyawah jeung ngahuma tapi geus loba pakasaban séjén anu jadi inceranana, utamana mah loba kolot nu miharep para putrana jadi pagawé negeri atawa pangusaha suksés. Hal éta téh ogé mangrupa pangaruh tina geus majuna dunya atikan anu katarima ku urang Sunda sorangan. Malah loba para putrana anu jadi masarakat urban di dayeuh.
Anapon pakasaban masarakat Sunda nu di dayeuh geus leuwih loba macemna (heterogén) sarta geus leuwih ngajurus (terspesialisasi). Kusabab pangwangunan di dayeuh leuwih maju saupama dibandingkeun jeung pangwangunan di désa, jadi lahan pikeun tatanen di dayeuh mah geus heureut pisan. Di kota-kota gedé saperti Bandung misalna, geus langka pisan kapanggih lahan-lahan pikeun nyawah atawa ngebon, komo deui pikeun ngahuma mah.

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar