Tepas

Selasa, 29 Mei 2012

Prabu Siliwangi. SAHA??

Pajajaran tilas Siliwangi 
Wawangina kasilih jenengan 
Kiwari dayeuhna Bogor 
Batu tulis kantun 
Kantun liwung jaradi pikir 
Mikiran tulisanana 
Henteu surud liwung 
Teuteuleuman kokojayan 
Di Ciliwung nunjang ngidul, 
Siliwangi Nuus di Pamoyanan. 
(Kalipah Apo/R.H.M. Syu’éb) 

            Teu salah lamun Kalipah Apo nyebatkeun yén rasiah Batutulis di Bogor nepi ka kiwari masih can bias kabokér kabéh. Boh aksara boh basana.Teras di kalimah-kalimah nu dicarioskeun ku Kalipah Apo téh nyebatkeun Siliwangi dua kali. Ari Siliwangi téh saha sabenerna?

Ulikan dina naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian anu ditulis di taun 1518 M nyabit-nyabit jenengan Siliwangi. Tapi dina nyabit-nyabitna ogé lain nyaritakeun ngeunaan sajarah atawa biografi saha ari Prabu Siliwangi. Di naskah éta ngan nyebatkeun Siliwangi mangrupa salasahiji lalakon pantun.Teu diterangkeun ogé leunjeuranna kumaha. Dina taun 1965, Amir Sutaarga anu harita jadi Direktur Museum Pusat ngayakeun ceramah di Bandung ngeunaan tokoh Siliwangi. Nurutkeun hasil panalungtikanna, tokoh Siliwangi anu kamashur dina kasusastraan Sunda téh saenyana idéntik (sarua) jeung tokoh historis Sri Baduga Maharaja anu kaunggel dina prasasti Batutulis di Bogor. Tapi di masarakat Jawa Barat sorangan geus ngadaging getih ku pamadeganna Poerbatjaraka. Poerbatjaraka nyebutkeun yén Sri Baduga Maharaja atawa nu disebat Siliwangi téh nyaéta Raja Sundaa nu palastra di palagan Bubat. Ngan ku Amir di sanggah kalawan nyebatkeun “sangat rapuh” bukti nu di sebatkeun ku Poerbatjaraka (Handjuang No. 11).Tiori Poerbatjaraka ngan gumantung kana tapsiran hiji kecap rancamaya anu ceunah saharti jeung kecap kalawisaya. Nurutkeun naskah Carita Parahyangan, anu dipaké sumber ku Poerbatjaraka, Raja anu angkat ka Majapahit rék nikahkeun putra istrina mah nyaéta Prabu Maharaja, ramana Wastu Kancana. Ari Ratu Jayadéwata (Sri Baduga) kapan putuna Wastu Kancana. Prabu Maharaja disebutkeun “keuna ku kalawisaya”; ari Sri Baduga Maharaja disebutkeun Sang mwakta ring Rancamaya (nu sumaré di Rancamaya). Lamun enya Rancamaya sarua jeung Kalawisaya, hartina tiori Poerbatjaraka bias dianggap bener.Tapi, nangtukeun hiji tokoh teu bias sagawayah sabab hiji kecap. Masih loba nu kudu ditalungtik. Kabuktian yén rancamaya mangrupa ngaran hiji tempat komo mun geus ditambahan Sanghyang mah, tangtu béda harti jeung kecap Kalawisaya nu hartina nya éta gawé hianat. Saha baé anu maca majalah TBG No. 49 ngeunaan De Batoe-toelisbij Butenzorg, bakal ngarasa yén tiori Porbatjaraka téh maksakeun pisan. Dina koropak 410, Siliwangi téh disebutna Ratu Pakuan. Di antara garwana anu disebutkeun pindah ti Dalem Timur Kadaton Wétan ka Pakuan disebutkeun Ambetkasih jeung Subanglarang. Dina Purwaka Caruban jeung babad séjénna, Ambetkasih jeung Subanglarang téh geureuhana Siliwangi. Koropak 410 anu disebut Carita Ratu Pakuan nuduhkeun kénéh, yén Siliwangi téh asalna ti KadatonWétan (tangtuna ge ti Karaton Surawisésa di Kawali) jeung katelah Ratu Pakuan. Dina jaman Siliwangi agama Islam geus sumebar di Pajajaran. Dina Carita Parahyangan ogé disebutkeun, jaman ratu Jayadéwata ra’yat Pajajaran réa nu geus garanti agama. Anu puguh baé, Subanglarang mah agamana Islam. Tétéla didinya tos kabuktian. Sri Baduga Maharaja atawa Jayadéwata atawa Pamanahrasa nya éta Siliwangi. Sabab tos kauninga ku sadayana yén Ambetkasih jeung Subanglarang téh geureuhana Sri Baduga Maharaja atawa Jayadéwata atawa Pamanahrasa nu nyepeng kakawasaan di Pakuan Pajajaran (1482-1521).

            Kedah diperhatoskeun ngeunaan eusi Batutulis di Bogor téh sapertos kieu nurutkeun Saleh Danasasmita (1981-1984):

oo wangna pun inisakakala, preburatupurane pun, diwastu 
diya wngaran prebu guru dewata prana diwastu diya di ngaran sri 
baduga maharaja ratu haji di pakwan pajajaran sri sang ratu de- 
wata pun ya nu nyusuk na pakwan diya anak rahyang dewa nis- 
kalasa(ng) sidamoka di gunatiga, i(n)cu rahyang niskala wastu 
ka(n) canasa(ng) sidamokta ka nusalarang, ya siya nu nyiyan sakaka- 
la gugunungan ngabalay nyiyan samida, nyiyan sanghyang talaga 
rena mahawijaya, ya siya pun oo i saka, panca pan- 
dawa (m)ban bumi oo 

Terjemahanna: 
“Ahung (mugia salamet), ieu téh pangéling-ngéling Prabu Ratusuargi, diistrénan nganggo jenengan (gelar) Prabu Guru Déwataprana, diistrénan (deui) nganggo jenengan (gelar) Sri Baduga Maharaja Ratu Haji di Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu Déwata. Nya anjeunna nu ngadamel parit (pertahanan) Pakuan.Anjeunna putra Rahiang Déwa Niskala nu surup di Guna Tiga, putu Rahiang Niskala Wastu Kancana nu surup ka Nusa Larang. Nya anjeunna nu ngadamel tanda pangéling-éling (mangrupa) gugunungan ngabalay ngadamel (leuweung) samida, ngadamel Sanghiang Talaga Rena Mahawijaya. Nya anjeunna, (dijieun) dina taun Saka 1455”. 

Sababaraha jasa nu dijieun ku Sri Baduga Maharaja nurut keun tulisan di Batu tulis nya éta:
  1. Nu nyusuk na pakwan, nyieun susukan atawa parit sapanjang 3 kilometer Cisadane; 
  2. Nu nyiyan sakakala gugunungan, nyieun tanda pangéling-ngéling mangrupa gunung-gunungan, nyaéta pasir Badigul di Rancamaya, tempat upacara jeung musarakeun hawu raja-raja nu tangtu; 
  3. Ngabalay, ngaheuraskeun jalan ku watu-watuan nu tangtu ti gerbang Pakuan nepi ka Karaton, salajengna ti gerbang Pakuan ka Rancamaya (7 km); 
  4. Nyiyan samida, ngamumulé jeung ngajaga alas tutupan nu dipelakan ku kai samida (pikeun kapentingan ngahiyangkeun), jeung salaku reservoir alami; sarta 
  5. Nyiyan sanghiyang talaga rena mahawijaya, nyieun talaga nu dibéré ngaran Rena Mahawijaya keur kapentingan pariwisata jeung nyubur keun taneuh (sanggeus bendunganna teu dibenerkeun, salajengna caina nyirorot ngabentuk ranca atawa rawa), jeung ngaranna robah jadi Rancamaya. 


Kalawan sagala rupa kaagungan jasa jeung kadigjayaan karyana, Sri Baduga Maharaja Ratu (H)aji di Pakwan Pajajaran Sri Sang Ratu Dewata, pikeun masarakat Pajajaran (Jawa Barat) teu wasa pikeun nyebutkeun gelarna nu kacida panjangna. Masarakat ngan apal, yén raja sa-agung Sri Baduga Maharaja kungsi aya dina mangsa sateuacanna, nya éta jaman pamaréntahan Prabu Wangi (Prabu Maharaja Linggabuana) jeung Prabu Wangisuta (putera Prabu Wangi: Mahaprabu Niskala Wastu Kancana). Sri Baduga Maharaja ogé (sanggeus Mahaprabu Niskala Wastu Kancana) dianggap silih (gaganti) wangina (kamashurna) raja nu mokténg ing Bubat, nepi ka Amir Sutaarga jeung Saleh Danasasmita sarta masarakat Jawa Barat liana) nganggap Sri Baduga Maharaja éta nya éta kamashur salaku PrabuSilih Wangi atawa Prabu Siliwangi.


Aya sababaraha anu kudu ditandeuskeun nya éta:
  1. Tokoh Siliwangi téh ngan aya hiji. 
  2. Siliwangi jumeneng rajana di Pakuan
  3. Méméh jadi Susuhunan Pajajaran jadi heula Ratu Pakuan lilana 55 taun (1427-1482).
  4. Sebutan Siliwangi téh ku alatan anjeunna ganti gelar (wawangi) waktu diistrénan jadi Susuhunan Pajajaran dina taun 1482.
  5. Tokoh Siliwangi idéntik jeung Sri Baduga Maharaja
  6. Siliwangi pupus dina taun 1521, dipusarakeun di Rancamaya
  7. Dina taun 1512 jeung 1521 Siliwangi ngirimkeun misi dagang ka Malaka nu dikawasa ku Portugis pingpinan Alfonso d’Albouquerque
Paralun kitu gé. Nyanggakeun!

Hana nguni hana mangké, 
tan hana nguni tan hana mangké. 
Aya ma baheula aya tu ayeuna, 
hanteu ma baheula hanteu tu ayeuna. 
Hana tunggak hana watang, 
tan hana tunggak tan hana watang. 
Hana ma tunggulna aya tu catangna. 
_KabuyutanCiburuy_

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar